·
Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahormat ka batur,
boga hate luhur, tapi tungtungna sok ngarunghak jeung kurang ajar, anu
tungtungna batur loba nu teu resepeun.
·
Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
·
Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
·
Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa
ginding ku pakean batur.
·
Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri
dina laku lampahna jeung omonganana.
·
Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
·
Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
·
Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.
·
Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud
hayang mibandangaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan
atawa kauntungan.
·
Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu
aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
·
Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga
rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan
nu mulya.
·
Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung
pisusaheunana.
·
Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.
·
Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan
masih bisa meper diri
napsu kapegung.
napsu kapegung.
·
Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus
ambek teu reureuh sakeudeung.
·
Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara
dipikanyaah.
·
Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu
pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
·
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere
hasil ka urang kudu diurus bener bener.
·
Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur
geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
·
Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh
ti indung bapa.
·
Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu saenyana
teu diarep arep.
·
Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu pohara
gedena.
·
Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida nyaahna.
·
Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu pohara hade
galena.
·
Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi
henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.
·
Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
·
Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa kajadian.
·
Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa kauntungan
tapi teu tulus.
·
Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya
karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
·
Aya hate kadua leutik naksir.
·
Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti
tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
·
Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa pijalaneun
pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
·
Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud, turug turug
aya pilantaraneun.
·
Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.
·
Aya nu dianjing cai Aya nu diarep-arep atawa digeroan.
·
Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter moal
sarua darajatna jeung panghasilanana.
·
Baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun
papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
·
Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun.
·
Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri hate ti
baheula nepi ka kiwari.
·
Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak
karep ku rido jeung beresih hate.
·
Banda tatalang raga lamun urang papanggih jeung karerepet,
gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri,
meuli ubar sangkan waras.
·
Belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka papada
kawula.
·
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok babarengan sok sanajan
dina hina, rugi, atawa cilaka.
·
Beurat birit hese jeung sungkan dititah.
·
Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana pohara
narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan,
anging gusti nu ningali.
·
Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus hese pisan,
seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
·
Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema nu beuteungna
cara/siga beuteung anjing.
·
Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.
·
Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah sorangan atawa
rasiah batur.
·
Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh rasiah atawa
kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
·
Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah henteu milu milu
kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan,
ngemban timbalan tinu lian.
·
Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina enggoning
nyiar kipayah.
·
Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran aya
kakuranganana atawa karuksakanana.
·
Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet, meunang
kacilakaan atawa tiwas.
·
Bobot pangayun timbang taraju kabeh anu dipigawe kudu pinuh
tinimbangan.
·
Bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu gede.
·
Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa
digajih.
·
Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah Ari laku
lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
·
Buluan belut, jangjangan oray pamohalan kajadian.
·
Bungbulang tunda / tunda talatah lamun dititah tara sok pek
ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.
·
Buntut kasiran koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek
barangbere.
·
Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang ginding,
loba pakean anu aralus dipake.
·
Buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya mah sok
hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
·
Caang bulan dadamaran migawe nu kurang mangpaat.
·
Cacag nangkaeun Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.
·
Cangkir emas eusi delan omonganana mah alus nepi ka urang
jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
·
Cara bueuk meunang mabuk ngeluk bae, teu lemek teu carek,
euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
·
Cara gaang katincak anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi
jempling pisan.
·
Cara jogjog mondok carekcok bae, mani gandeng nacer.
·
Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung Pohara bodona,
beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
·
Cecendet mande kiara Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin
nyaruaan nu beunghar.
·
Ceuli lentaheun Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae
anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
·
Cicing dina sihung maung Nganjrek di jelema anu nyusahkeun
atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
·
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok Ku dileukeunan
mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna
lila lila oge tangtu bisa).
·
Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung Nyaruaan
ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
·
Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna, beda deui adat jeung
kabiasaanana.
·
Clik putih clak herang Kaluar tian hate anu beresih, rido
pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
·
Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna Kumaha arek
bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.
·
Daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa
pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
·
Dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, ngan
batina anu diarah kacida leutikna.
·
Dah bawang dah kapas tah barangna tah duitna.
·
Daluang katinggang mangsi Susuganan katuliskeun aya jodo
(waris).
·
Desa maca cara nagara mawa tata Ngagambarkeun yen kaayaan
jeung adat kabiasaan di desa jeung kota (nagara) teh beda-beda.
·
Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada nongton, jadi
tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
·
Deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah puguh padeukeut,
ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
·
Dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan
kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
·
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban Ari dipegat
mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
·
Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung bageur tapi
buktina goreng jeung jahat.
·
Dipiamis buah gintung disangka hade jeung bageur, tapi
buktina goreng jeung jahat.
·
Disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae,
disaruakeun bae, teu dibeda beda.
·
Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi Dialak ilik
lantaran dianggap aneh.
·
Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti
hareup sieup lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
·
Dogdog pangrewong bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya
oge teu naon naon.
·
Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur ngantian
jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi
pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
·
Dosa salaput hulu kacida loba dosana.
·
Dulang tinande awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna
jeung diparentahna ku nu jadi salami.
·
Duum tinggi ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu
loba, aya nu saeutik.
·
Elmu ajug pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku
sorangan henteu.
·
Elmu sapi samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
·
Elmu tumbila nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
·
Elok bangkong nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
·
Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh kasusah
atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna
ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
·
Endog tara megar kabeh najan saindung sabapa hneteu sarua
milikna, rejekina atawa darajatna.
·
Galehgeh gado darehdeh tapi henteu terus kana hate.
·
Gancang pincang kulantaran digawena buru buru jeung kurang
ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
·
Gantung denge hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara
jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
·
Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna sabab dahareunana
geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu
didagoan.
·
Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok
anggang, dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka jelema anu jangkung
ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
·
Gede gunung pananggeuhan Adigung kulanatran boga kolot atawa
baraya baleunghar ataw jareneng.
·
Gede gunung pananggeuhan Boga ahli atawa kawawuhan anu
beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung,
eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
·
Getas harupateun, pingges harepan Gampang pisan nyalahkeun
atawa ngahukum ka batur.
·
Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Ari rupa mah tegep
ngan dangong dusun meledug.
·
Gindi pikir belang bayah Goreng hate, dolim, julig, dengki.
·
Ginding kakampis Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
·
Giri lungsi tanpa hina Nu luhur jeung nu handap sarua bae
ulah dihina.
·
Goong saba karia Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan
hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
·
Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna,
euweuh beakna.
·
Gurat batu Pageuh kana jangji.
·
Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna Gusti Alloh tara
nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
·
Hade gogog hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
·
Hade ku omong goreng ku omong Omongan nu hade balukarna hade
jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
·
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean anu sakitu
gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
·
Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna jeung sok mindeng
nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
·
Hampang birit gampang jeung daekan dititah.
·
Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa gimir saeutik
eutik acan.
·
Hapa hapa ge ranggeuyan Enya ari miskin tea mah, ngan
lumayan da ari salaki mah boga.
·
Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da boga salaki nu
ngurus jeung nangtayungan.
·
Harewos bojong Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku
jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
·
Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina meunangna
rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki
halal atawa haram.
·
Harus omong batan goong Beja teh sasarina sok gampang jeung
gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
·
Hayang untung jadi buntung teu papanggih ari jeung kauntungan
mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
·
Hejo tihang Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa
pagawean.
·
Herang caina beunang laukna Maksud bisa kahontal kalawan
beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
·
Herang caina beunang laukna Nu dipikahayang bisa laksana tur
teu nganyenyeri batur.
·
Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang Bareto
mah beunghar ayeuna kari miskina.
·
Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae
henteu terus jeung hatena.
·
Heureut deuleu pondok lengkah Ngagambarkeun sundek kanyaho
ku sabab henteu rea babandingan da kurung batok.
·
Heurin ku letah Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara,
ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan.
·
Hirup ku panyukup gede ku pamere Hirup samahi mahi ku pamere
batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
·
Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah pisan, teu boga
kahayang naon naon.
·
Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu
bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
·
Hulu dugul dihihidan Nu keur senang tambang senang, nu keur
untung tambah untung.
·
Hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna
atawa pangabogana.
·
Hurung nangtung siang leumpang Ginding karana make papakean
atawa perhiasan anu aralus.
·
Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna ti pada batur,
boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
·
Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna
salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula
nyerenkeun Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana
(biasana sok dipake dina seserahan).
·
Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa turunan menak
jeung beunghar.
·
Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara paurna.
·
Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang Inggis
jeung paur kabina bina.
·
Ipis kulit beungeut Gede kaera.
·
Iwak nangtang sujen Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun
atawa pibahayaeun.
·
Jabung tumalapung sabda tumapalang milu nyaritakeun hiji
perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal
teu nyaho nanaon.
·
Jadi maung malang jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu
ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
·
Jadi sabiwir hiji jadi carita jalma loba.
·
Jadi senen kalemekan mindeng dicaritakeun batur.
·
Jaman cacing dua saduit jaman baheula pisan.
·
Jati kasilih ku junti pribumi kaeehkeun ku urang asing.
·
Jauh jauh panjang gagang hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan
hanjakal ku teu hasil.
·
Jauh ka bedug anggang ka dayeuh dusun, teu nyaho di
tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
·
Jauh ka bedug dusun,bodo, euweuh kanyaho.
·
Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana unggal bangsa beda
adat jeung kabiasaanana.
·
Jegjeg ceker cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
·
Jejer pasar lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng
henteu.
·
Jeung leweh mah mending waleh leuwih hade wakca balaka
ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
·
Jogjog neureuy buah loa mikarep ka anu lain babad.
·
Jogjog neureuy buah loa Milampah anu moal pihasileun.
·
Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran Jelema nu jahat,
julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh
rejeki.
·
Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara Kawentar
pisan, kawentar kamana mana.
·
Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik kana hiji
perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung
perkarana.
·
Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di urang, urang
teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga
nanaon.
·
Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir tangtu bakal
pinanggih jeung kasusahan.
·
Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait Tibatan
ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak
pisusaheunana.
·
Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung Kajeun teuing cape
gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
·
Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu
matak cilaka.
·
Kandel kulit beungeut euweuh caerØ£،.
·
Katempuhan buntut maung Batur anu salahna atawa anu boga
dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
·
Katumbukan catur kadatangan carita Loba anu embung sabab
ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.
·
Kawas anjing kadempet lincar Mere parentah ka batur teu
kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
·
Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu ngajenan, teu
ngahargaan pisan.
·
Kawas cucurut kaibunan Ngeunaan ka jelema anu matak
sareukseuk panon.
·
Kawas hayam keur endogan cilingcingcat bae, teu bisa cicing.
·
Kawas hayam panyambungan Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu
anyar keneh aya di eta tempat.
·
Kawas kacang ninggang kajang Ngomongna tarik tur gancang,
biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
·
Kawas kuda leupas ti gedogan Bingung ku kamerdekaan, terus
sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing
atawa euweuh nu nyengker.
·
Kawas lauk asup kana bubu Gampang asupna kana pagawean tapi
pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
·
Kawas lauk asup kana bubu gampang meunangna jeung asup kana
hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
·
Kawas nu mulangkeun panyiraman Sok nu lain lain, jeung hese
ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu
dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.
·
Kawas siraru jadi Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka
jelema.
·
Kawas wayang pangsisina Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
·
Kejo asak angeun datang Sapagodos jeung maksud urang, atuh
teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
·
Keur meujeuhna bilatung dulang Laleutik keneh pisan keur
meujeuhna bareuki dahar.
·
Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita Keur meujeuhna loba
pakaya jeung loba rejeki.
·
Keur nuju bentang surem keur sue,atawa tiis badan, lamun
guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.
·
Kiceupna sabedug sakali Pohara lungguhna.
·
Kiruh ti girang kiruh ka hilir Lamun anu di luhruna teu
balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu
bageur.
·
Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran Anu saumur -umur
miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede,
sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.
·
Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam Kacida
miskina.
·
Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu
mijah = Piritan milu endogan Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran
kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng
katenjona.
·
Kudu bisa kabulu kabale Kudu bisa mawa awak.
·
Kudu bisa ngeureut neundeun Kudu bisa nyukupkeun rejeki
atawa pangala anu saeutik.
·
Kudu bisa pindah cai pindah tampian Kudu bisa nyaluyukeun
maneh jeung lingkungan anu anyar dicicingan.
·
Kudu boga pikir kadua leutik Ulah sabongbrong teuing, kudu
aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
·
Kudu hade gogod hade tagog Hade basa jeung hade tingkah
lacuna.
·
Kudu nepi memeh indit Kudu direncanakan kalawan asak.
·
Kujang dua pangadekna Hiji pagawean anu ngandung dua rupa
maksud.
·
Kulak canggeum bagja awak Milik hade atawa goreng anu geus
ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
·
Kumaha bule hideungna bae Kumaha engke bae buktina, kumaha
behna.
·
Kumaha kejebur caina geletuk batuna kumaha jadina bae,
henteu jadi pikiran.
·
Kunang kunang nerus bumi Ramana geus teu jeneng deui, di
putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
·
Kuru cileuh kentel peujit Daek tirakat, ngadoakeun budak
sangkan sangkan junun.
·
Kurung batok teu resep nyanyabaan, ni̢۪mat cicing diimah
bae.
·
Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda arek
cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede
bae.
·
Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang
maladra Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah
sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
·
Landung kandungan laer aisan Gede timbanganana, gede
pangampurana.
·
Langsung saur bahe carek Sok gampang ngagelendeng atawa
nyarekan.
·
Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan pipilueun kana
hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang
sorangan, nepi ka goreng katenjona.
·
Legok tapak genteng kadek Loba luangna pangalamanana jeung
kanyahona.
·
Leubeut buah hejo daun Keur meujeuhna loba rejeki, loba
pakaya.
·
Leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, dina mutus hiji
perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
·
Leunggeuh cau beuleum Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji
pagawean.
·
Leutik burih euweuh kawani.
·
Leutik cahak, gede cohok Ari panghasilan saeutik tapi ari
pangaluaran mah gede.
·
Leutik leutik ngagalatik Sanajan leutik awakna henteu
jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
·
Leutik ringkang gede bugang Jelema mah teu beunang
disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor
karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
·
Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet Hade
gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
·
Lieuk euweuh ragap taya Teuing ku miskin nepi ka teu boga
naon naon.
·
Loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu ngatur jeung
mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
·
Lodong kosong ngelentrung Kalah ka loba omong bae, ari
pangartina mah euweuh.
·
Luhur kuta gede dunya Gagah tur beunghar taya kakurang.
·
Luncat mulang Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu
engke mah kitu.
·
Lungguh tutut Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah
henteu.
·
Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung Ngajalankeun
(mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
·
Maliding sanak Henteu adil, pilih kasih.
·
Mangpengkeun kuya ka leuwi Nitah mulang ka lemburna, atawa
nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
·
Mapay ka puhu leungeun Mamawa ka kolot atawa ka guru,
turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina
saeutik eutik acan.
·
Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun hiji perkara anu teu
aya hasilna atawa mangpaatna.
·
Maut nyere ka congona Keur ngora senang, tapi ari ka
kolotnakeun susah.
·
Melengkung bekas inhalan Ari keur ngora keneh bageur tapi
kakolotnakeun jadi teu bageur.
·
Mere langgir kalieun Mere naon naon anu bisa jadi aya
pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
·
Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra kalawan
teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
·
Meungpeun carang ku ayakan Nyaho yen batur teh salah atawa
migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
·
Meungpeung teugeu harianeun Embung pisan tutulung ka batur
nu keur susah atawa loba kabutuh.
·
Miceun batok meunang coet Miceun nu goreng kulantaran hayang
meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
·
Mindingan beungeut ku saweuy ari hate goreng, ngan budi
parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya
ulah kaciri tea.
·
Mipit teu amit ngala teu menta Maling boga batur.
·
Miyuni hayam kabiri Leutik burih babari sumerah eleh atawa
lalaki nu babari sumerah ka awewe.
·
Moal ceurik menta eusi Keun bae mawa wadah anu gede oge da
lain hayang loba diberena.
·
Moal neangan jurig teu kadeuleu arek nyekel jelema nu aya bae,
moal neangan jelema nu euweuh.
·
Mobok manggih gorowong Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun
kahayang anu henteu gampang pihasileun.
·
Mobok manggih gorowong meunang jalan pikeun ngalaksanakeun
kahayang.
·
Monyet kapalingan jagong Tukang maling kapalingan, tukang
tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
·
Mopo memeh nanggung Hoream, teu sanggup samemeh prak.
·
Mun teu ngakal moal ngakeul mun teu usaha moal pinanggih
jeung rejeki pibekeleun hirup.
·
Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara usaha anu
mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina,
biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan).
·
Ngadu angklung di pasar papaduan nguruskeun nu euweuh
mangpaatna di hareupeun jalma loba.
·
Ngadu ngadu rajawisuna mawakeun omongan si a ka si b jeung
sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong.
·
Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu
ngarah moal ngarih Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun
pikeun hirup.
·
Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan Mulang ka
lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
·
Mupugkeun tai kanjut Ngetrukeun pangaboga dina waktuna
nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
·
Naheun bubu pahareup hareup dina pangabutuh silih injeuman
duit.
·
Nangkeup mawa eunyeuh mawa cilaka ka jelema anu dipentaan
tulung jeung geus nulungan ka urang.
·
Nangtung kariung ngadeg karageman Ngariung rarageman
ngabadamikeun hiji perkara.
·
Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur,
supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
·
Nepakeun jurig pateuh Puguh urang nu goreng tapi kagorengan
urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
·
Nete porot ngeumbing lesot Cukup ari ihtiar mah kalawan
mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
·
Nete semplek nincak semplak Kieu salah kitu salah.
·
Nete semplek nincak semplak Ninggang dina salah jeung rugi
bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
·
Nete taraje, nincak hambalan Kudu merenah, lamun aya
uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
·
Neukteuk curuk dina pingping Ngadakwakeun nu lian, tapi nu
ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan
jeung hakim.
·
Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun Heuras
hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
·
Neundeun piheuleut nunda picela Neangan pilantaraneun supaya
jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
·
Ngabejaan bulu tuur Ngabejaan jalma nu geus nyahoeun.
·
Ngabudi ucing teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang
atawa kadeudeuh.
·
Ngadagoan kuah beukah Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu
ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang
babantu teh henteu perlu).
·
Ngadagoan uncal mabal Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki
tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
·
Ngadaweung ngabangbang areuy pohara nineungna kana jaman nu
geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
·
Ngadek sacekna, nilas saplasna Ngomong/nyarita anu teu
dileuwihan atawa dikurangan.
·
Ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur sidekah atawa
kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
·
Ngagandong kejo susah nyatu loba ari titaheun mah boh anak
boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
·
Ngagedag bari mulungan Nanyakeun hiji perkara ka batur anu
urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu
api api geus nyaho bae.
·
Ngaliarkeun taleus ateul ngabeja bejakeun kagorengan atawa
kajahatan batur.
·
Ngaliarkeun taleus ateul Ngabeja bejakeun kagorengan batur
atawa kajahatan anu lian.
·
Ngarep ngarep bentang ragrag Ngarep-ngarep nu pamohalan
bakal kasorang atawa kajadian.
·
Ngarep ngarep kalangkang heulang Ngarep ngarep hiji perkara
anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
·
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam ngaraeh jeung darehdeh ka
deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa
ka baraya sorangan.
·
Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri Leutik
burih, borangan, sieunan, kecing.
·
Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek Lamun
nyokot hiji hal kudu saidin anu boga.
·
Ngeupeul ngahuapan maneh Lungas lengis mikawelas mikaasih ka
diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
·
Nginjing sila, bengkok sembah goreng hate, teu satia ka anu
jadi pamingpin atawa dunungan.
·
Ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah taya guna sanajan
tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
·
Ngodok liang jero Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu
kadieu luput bae.
·
Ngukur ka kujur nimbang ka awak Ngaluarkeun duit pikeun
kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
·
Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak Ngukut bujang anu
tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak
lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
·
Ngusap birit bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era
paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
·
Nimu luang tinu burang Nambahan luang atawa pangarti waktu
keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
·
Nincak parahu dua Ngadunungan ka duaan atawa boga dua
pausahaan.
·
Ninggang kana kekecrekna Keur mah goreng rupana, goreng laku
lampahna deuih.
·
Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan Ngamahalkeun
barang naon bae anu geus ruksak.
·
Noong ka kolong Leutik hate, leutik pangharepan.
·
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha nu hade jeung
loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan
anu goreng.
·
Nu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan nu keur susah
ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
·
Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan Nu keur susah
ditambah deui kasusahna.
·
Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan ngahaminan
omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita
teh salah.
·
Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang Nu tani jeung nu
dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
· Nuju hirup ninggang wirahma Ngeunaan
ka jelema anu keur alus milik.
·
Nuturkeun indung suku Leumpang sakaparan-paran, ku sabab
henteu puguh tujuan.
·
Nulungan anjing kadempet nulungan jelema nu teu boga pisan
rasa tumarima.
·
Nya di hurang nya dikeuyeup Di unggal jelema oge taya
bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak
boh disomah sarua bae.
·
Nya ngagogog nya mantog Nya nitah ka batur nya prak
kumanehna.
·
Nya picung nya hulu maung Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos,
pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
·
Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah nambahan
kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
·
Nyair hurang meunang kancra Sugan the rek meunang
kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan
atawa bagja anu gede.
·
Nyaliksik ka buuk leutik Nyusahkeun, peperedih atawa
pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
·
Nyalindung ka gelung Milu hirup ka pamajikan anu loba
pakayana.
·
Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik
dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang Sumerah, masrahkeun diri rek
dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa
rumasa boga dosa.
·
Nyanghulu ka jarian Ngawula ka jelema anu sahandapeun
harkatna atawa pangartina.
·
Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang Nyarita kudu pas,
eces, ngabogaan harti.
·
Nyeri beuheung sosonggeteun Pohara ngarep ngarepna, tapi anu
diarep arep teu jol bae datang.
·
Nyeungeut damar di suhunan mintonkeun kakayaan, atawa
barangbere supaya dipuji.
·
Nyeungseurikeun upih ragrag Akey akeyan nyeungseurikeun
batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning
ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
·
Nyiar batuk piaraheun Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
·
Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu (cacaduan),
pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
·
Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu teu aya
galurna.
·
Nyieun heuleur jeroeun huma Henteu raket jeung dulur
pahare-hare bae.
·
Nyieun pucuk ti girang pangheulana neangan piaseaeun.
·
Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait Lumrahna manusa
teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
·
Nyiuk cai ku ayakan Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun
naon naon.
·
Nyium bari ngegel Omongannana hade ngan hate jeung maksudna
goreng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
·
Nyokot lesot ngeumbing porot Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
·
Nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang
di hareupeunana.
·
Nyuhun nanggung ngelek ngegel Rebo pisan, babawaanana loba
naker.
·
Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju Menta pangampura
jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
·
Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan Kalawan taliti pisan
nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
·
Omong harus batan goong Beja the gancang naker nerekabna, malah
sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
·
Owah gingsir Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti
pamadegan.
·
Paanteur-anteur julang silih anteur nepi ka aya dua tilu
kalina.
·
Pacikrak ngalawan merak Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan
anu gede.
·
Pada rubak sisi samping Sarua bae pada loba luangna, pada
loba pangalamanana.
·
Pagirang girang tampian Paunggul unggul dina neangan pangupa
jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).
·
Paheuyeuk heuyeuk leungeun Silih bantuan, silih belaan,
silih tulungan.
·
Pait daging pahang tulang Arang gering.
·
Pait daging pahang tulang cageur teu keuna ku panyakit naon
bae.
·
Pakotrek iteuk Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan,
pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
·
Paluhur luhur diuk pagede gede kauntungan dina nyiar
kipayah.
·
Panday tara bogaeun bedog Sasarina ari tukang mah sok tara
bogaeun.
·
Papadon los ka kolong Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
·
Peureum kadeuleu beunta karasa Inget bae, teu bisa poho. Biasana
mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
·
Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir mikarep kaanu lain babadna,
tangtu moal kasorang.
·
Pindah cai pindah tampian Robahna tempat matuh robah adat
jeung kabiasaan.
·
Pinter aling laing bodo Pinter tapi embung kanyahoan ku
batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
·
Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak Milih
kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna
meunang nu leuwih goreng.
·
Piruruhan katengahimahkeun Nu dusun didikan dibawa kana
pasamoan.
·
Poek mongkleng buta rajin (atawa buta radin) Poek pisan.
·
Pondok jodo panjang baraya Saha oge jodoh urang silaturahmi
kudu tetep dijaga.
·
Pupulur memeh mantun Menta ganjaran memeh aya jasa atawa
menta buruhan memeh prak digawe.
·
Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan
daging Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran
hutang anu dipangnanggungkeun.
·
Puraga tamba kadengda Migawe hiji pagawean henteu jeung enya
enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
·
Raweuy beuweungeun rambay alaeun Loba dahareun da loba
pepelakan.
·
Rumbak caringin di buruan dina hiji kasusah atawa karerepet
geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
·
Rumbak kuntieun Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak
cua kana hate.
·
Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum Maot.
Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
·
Rusuh luput gancang pincang Migawe naon bae anu rurusuhan,
temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
·
Sabobot sapihanean Sauyunan, sapapait samamanis sabagja
sacilaka.
·
Sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun
oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
·
Sagalak galakna macan taru nyatu anakna sanajan pohara
bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
·
Sagolek pangkek sacangreud pageuh Hanteu cidra kana jangji.
·
Saherang herangna cai beas Galibna hate teh hese pisan
beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
·
Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur Sasarina
lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya
pacengkadan.
·
Sakecap kadua gobang Gampang ngambek jeung gampang ngadek
deuih.
·
Sakiriciking duit sakocopoking bogo Naon bae anu matak narik
kana hate urang.
·
Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu Sapinter pinterna
murid pangartina moal ngaluhuran guru.
·
Samar polah samar rasa Henteu puguh tingkah upamana ku sabab
tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina hate bae, tacan
bruk-brak
·
Sangsara di geusan betah Teuing ku miskin, teu boga naon
naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup
mah hayang keneh.
·
Sapu nyere pegat simpay Paturay papisahan.
·
Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan Sauyunan,
layeut, tara aya pacengkadan.
·
Satengah buah leunca Teu jejeg ingetan, langlang lingling,
kurang saeundan.
·
Satungtung deuleu Ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan
·
Saumur nyunyuhun hulu Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
·
Saungkab peundeuy Omongan anu pondok tur kurang manis.
·
Sengserang padung Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh
napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu
tereh paeh.
·
Sentak badakeun teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna,
tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
·
Sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan hirup kumbuh
jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu
teu aya jelema.
·
Sereg dibuana logor diliang jarum Kulantaran loba kasalahan
atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu
euweuh jelema.
·
Seukeut ambeu seukeut deuleu loba mata-matana jeung pinter
nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
·
Seukeut tambang manan gobang Sakumaha gagahna wanina jeung
ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
·
Seuneu hurung cai caah Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
·
Seuneu hurung dipancaran Nu keur napsu, heug ditambahan
pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
·
Seungit angin-anginan Seungit pisan meleber ka mana-mana
·
Seuseut batan neureuy keueus Hese pisan.
·
Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
·
Silih jenggut jeung nu gundul Menta tulung ka papada anu
sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga.
·
Sirung ngaliwatan tunggul Darajat atawa milik anak
ngaliwatan bapa.
·
Sosoroh ngadon kojor Kikiriman ku lantaran aya pangarahan
tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
·
Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri sorangan.
·
Tamplok batokeun Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
·
Taraje nangeuh dulang pinande Saban tugas kudu dilaksanakeun
kalawan alus sarta bener.
·
Taya tangan pangawasa Jiga anu dipupul bayu, henteu boga
tanaga.
·
Taya halodo panyadapan taya eureuna digelendeng atawa di
dicarekan (Terus bae digelendeng atawa dicarekan).
·
Teng anak teng, anak merak kukuncungan sipat-sipat nu aya di
anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
·
Teu aya sarebuk samerang nyamu Teu aya saeutik eutik acan.
·
Teu beunang dikoet kunu keked Teuing ku koret, tara pisan
tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
·
Teu boga pikir rangkepan Teu boga curiga saeutik eutik acan.
·
Teu busik bulu salambar teu regrog regrog, malah unggul dina
juritna.
·
Teu cari ka Batawi tapi ka salaki hakan pake hayang ti
salaki.
·
Teu diambeuan teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu
dihargaan/diajenan.
·
Teu didingding kelir teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu
dirasiahkeun.
·
Teu dipiceun sasieur Sarua pisan teu aya bedana saeutik
eutik acan.
·
Teu ditari teu ditakon Teu dipalire diantep bae, teu ditanya
tanya acan.
·
Teu gugur teu angina Samemeh kajadian naon naon, teu aya
pisan beja, lantaran atawa ciciren.
·
Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah Nya
goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
·
Teu mais teu meuleum teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
·
Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan ngalajur
napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.
·
Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata Ngadenge jeung nenjo
sorangan lain cenah jeung baruk.
·
Teu nyaho di alip bingkeng bodo teu bisa maca-maca acan, da
teu sakola.
·
Teu puguh alang ujurna teu puguh entep seureuhna, teu beres
lain kitu kuduna.
·
Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang Sing wawuh
tur sing loma sabab balukarna alus pisan.
·
Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan Teu
baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
·
Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal Menta
dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
·
Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban Sababaraha kali
karurugian atawa karoroncodan.
·
Tiis ceuli herang mata ngeunah hate kulantaran ngeunah
deudeuleuan jeung dedengean.
·
Tikoro andon peso ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum
atawa nganyenyeri ka diri urang.
·
Tinggar kalongeun Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen
teuing digelendeng atawa dicarekan.
· Tipu keling ragaji Inggris pinter
dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
·
Titip diri sangsang badan Mihapekeun maneh.
·
Titirah ngadon kanceuh sejana nyiar kasenangan, tapi jadina
pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
·
Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh nyukupan ku
pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa
pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
·
Tugur tundang cuntang gantang Ngajalankeun pagawean pikeun
Nagara, babakti ka nagara.
·
Tunggul dirarud catang dirumpak Euweuh anu dipikaserab,
terus bae ngalajur napsu.
·
Tunggul sirungan, catang supaan Aya kajadian anu goreng
atawa matak teu genah ahirna.
·
Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan junun nyanghareupan
pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
·
Ulah beunghar memeh boga ulah adigung nyeta nyeta anu
beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
·
Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung Ulah sok bosenan
ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh,
lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
·
Ulah cara ka malati kudu cara ka picung Ulah ngurangan
kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
·
Ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah kabawa ku nu teu puguh,
maksudna kabawa jurig, dedemit.
·
Ulah keok memeh dipacok Ulah sieun saacan ngalakonan.
·
Ulah leutik hate Ulah sieun atawa putus pangharepan.
·
Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali
tina purwadaksina Kudu nuturkeun etika anu aya.
·
Ulah muragkeun duwegan ti luhur masing nyaah kana rejeki
meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
·
Ulah ngaliarkeun taleus ateul Ulah nyeubarkeun fitnah.
·
Ulah ngukur baju sasereg awak Ulah menyimpulkan nurutkeun
diri sorangan
·
Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian Ulah
rebutan kakawasaan
·
Ulah pangkat memeh jeneng Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan
ka nu geus jeneng.
·
Ulah tiis tiis jahe kudu iatna, kudu cingceung.
·
Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan Ulah kagoda, ulah
kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji
maksud anu hade.
·
Uncal tara ridu ku tanduk Duduluran karumpul kabeh.
·
Ulah nyaliksik ku buuk leutik Ulah nyangsarakeun rakyat
leutik.
·
Uyah tara tees kaluhur Galibna sipat indung bapa anu harade
atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
·
Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon naon anu bakal
kajadian.
· Wiwirang di
kolong catang nya gede nya panjang wiwirang nau pohara gedena.